Wednesday, December 26, 2018

TAJWID BAHASA SUNDA


(Pasal ka tilu hukumna maca bismillah di antara dua suroh)
Ari hukumna maca bismillah di antara dua suroh eta kabagi opat bagian, anu opat kabagi dua, aya anu meunang aya anu teu meunang. Ari gambaran anu meunang eta aya tilu, anu teu meunang aya sagambaran.
1. الْكُلِّقَطْعُ  hartosna sadayana diwakofkeun. Penjelasana, akhir suroh anu kahiji diwakofkeun kana mimiti bismillah, akhir bismillah diwakofkeun kana awal suroh anu kadua
Contona وَلَمْ يَكُنْ لَّهُ كُفُوًا اَحَدُۗ  بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِۗ  قُلْ اَعُوْذُ بِرَبِّ الْفَلَقِ
Karena ceuk koidah
Hukumna maca bismillah aya opat # ceuk elmu tajwid kahade bisi leupat
Ka hijina kotul kulli pek bacakeun # akhir suroh bismillah suroh wakofkeun

2.  وَقَفْ  وَصَلْ   hartosna aya wakof aya wasol. Penjelasana, akhir suroh anu ka hiji diwakofkeun kana mimiti bismillah, tuluy akhir bismillahna diwasolkeun dina nalika rek maca suroh anu kadua
Contona وَلَمْ يَكُنْ لَّهُ كُفُوًا اَحَدُۗ  بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ قُلْ اَعُوْذُ بِرَبِّ الْفَلَقِ
Karena ceuk koidah
Kaduan aya wakof aya wasol # akhir suroh ka hiji wakof tong samar
Akhir bismillah jeung suroh nu kadua # diwasolkeun kahade bisi sulaya
3.   الْكُلِّ وَصْلُ hartosna sadayana diwasolkeun. Penjelasanana: akhir suroh nu ka hiji diwasolkeun kana mimiti bismillah, tuluy akhir bismillahna diwasolkeun dina nalika rek maca suroh anu ka dua.
Contona وَلَمْ يَكُنْ لَّهُ كُفُوًا اَحَدُ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ قُلْ اَعُوْذُ بِرَبِّ الْفَلَقِ
Karna ceuk koidah
Ka tiluna waslul kulli sing taliti # akhir suroh jeung bismillah sing ngahiji
Akhir suroh bismillah suroh hijikeun # kitu gambaran ka tilu pek regepkeun
4. وَصَل وَقَف  hartosna aya wasol aya wakop, penjelasanana: akhir suroh nu ka hiji diwasolkeun kana mimiti bismillah, tuluy akhir bismillahna diwakopkeun dina nalika rek maca suroh anu ka dua.
Contona وَلَمْ يَكُنْ لَّهُ كُفُوًا اَحَدُ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِۗ  قُلْ اَعُوْذُ بِرَبِّ الْفَلَقِ
Karna ceuk koidah
Ka opatna akhir suroh nu ka hiji # diwasolkeun jeng mimiti bismillahi
Tuluy akhir bismillahna diwakopkeun # ka opat peupeujeuh tong dilaksanakeun
Katerangan ti hiji nepi ka tilu # anu sah malah eta mah anu kudu
Ari anu ka opatna eta teu sah # peupeujeuh tong dibaca kitu da salah

lanjutkan ke artikel berikutnya di sini

Saturday, December 8, 2018

TAJWID BAHASA SUNDA

Tags


بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ

(Ma’na Tajwid)
Ari tajwid ceuk lughot nyaeta اَلْاِتْيَانُ بِالْجَيِّدِ hartosna kadar-kadar ngadatangkeun kalawan alus, atawa اَلتَّحْسِيْنُ hartosna kadar-kadar ngaluskeun.
Anapon tajwid ceuk istilah nyaeta عِلْمٌ يُعْرَفُ بِهِ إعْطَاءُ كُلِّ حَرْفٍ حَقَّهُ وَمُسْتَحِقَّهُ مِنَ الصِّفَاتِ وَالْمُدُوْدِ وَغَيْرِ ذلِكَ hartosna elmu paragi nganyahokeun, ngadatangkeun saban-saban huruf kana kakuduana jeung anu narima kana pirang-pirang sifatna madna sareng saliana.
(Pasal Ka Hiji Hukumna Ngaos Elmu Tajwid)
Ari hukumna ngaos elmu tajwid eta fardu kifayah, hartosna kawajiban sakabeh jalma, tapi lamun tos aya anu migawe salah sahijina maka bebas dosa pikeun anu sawarehna deui.
Ari patokan fardu kifayah nyaetaسَقَطَ  الْحَرَجُ عَنْ فِعْلِ الْبَاقِي  hartosna bebas dosa atawa kawajiban kusabab dipidamel ku anu sejen.
Ari hukumna ngaos Alqur’an nganggo elmu tajwid eta fardu ain, hartosna kawajban sakabeh jalma ngaos Alqur’an nganggo elmu tajwid, moal tiyasa bebas dosa atawa kawajiban kusabab dipidamel ku anu sejen.
Ari patokan fardu ain nyaeta لَا يَسْقُطُ الْحَرَجُ عَنْ فِعْلِ الْبَاقِيْ hartosna henteu tyasa bebas dosa atawa kawajiban kusabab dipidamel ku anu sejen  
Karena ceuk qoidah
وَالْاَخْذُ بِالتَّجْوِيْدِ حَتْمٌ لَازِمٌ # مَنْ لَّمْ يُجَوِّدِ الْقُرْءَانَ أثِمٌ
Ngaos tajwid eta wajib hukumna # maca Qur’an lur tajwid banget dosana
(Pasal ka dua hukumna maca taudz, bismillah jeung surah)
Ari hukumna maca taudz, bismillah jeung surah eta aya opat rupa
1. الْجَمِيْعِقَطْعُ  hartosna diwaqofkeun atawa dipegatkeun sadayana
Contona:
اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِۗ  بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِۗ  قُلْ هُوَ اللهُ اَحَدٌ
2.  الْبَسْمَلَةِ بِالسُّوْرَةِوَصْلُ hartosna ngawasolkeun atawa ngahijikeun bismillah kana suroh, ari taudzna diwakopkeun
Contona:
اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِۗ  بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ قُلْ هُوَ اللهُ اَحَدٌ
3. الْإِسْتِعَاذَةِ بِالْبَسْمَلَةِ وَصْلُ  hartosna ngawasolkeun taudz kana bismillah, akhirna bisillah diwakofkeun
Contona:
اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِۗ  قُلْ هُوَ اللهُ اَحَدٌ
4.   الْجَمِيْعِوَصْلُ  hartosna diwasolkeun sadayana
Contona:
اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ قُلْ هُوَ اللهُ اَحَدٌ

lanjut ke artikel berikutnya klik di sini